Entri yang Diunggulkan

KUJANG (disambiguasi)

Kujang  adalah sebuah  senjata  unik dari daerah  Jawa Barat . Kujang mulai dibuat sekitar  abad ke-8  atau  ke-9 , terbuat dari  besi ,...

Rabu, 08 September 2010

Bedug

Dug...dulugdugdag..dulugdugdag.....sora bedug di tabeuh. Bedug geus pada terang, sabangsaning dog dog, ngan ari bedug mah ukuranana leuwih gede. di teundeuna di tajug atawa di masigit.sok di pake ngiberan waktu sholat,ngabejaan datangna bulan puasa, atawa ditabeuh sapeupeuting dina maleman lebaran...Baheulamah bedug teh ayana di kota wungkul, atawa di kawadanan. da di pilemburan mah can aya masigit. atuh nu nakolna ge teu  sagawayah, aya tukangna nu di sebut marebot tea.Kadieunakeun saprak aya speker/toa, bedug teh langka di pake, pang pangna di kota. paling ramena teh paling mun malem lebaran, dipake mirig takbiran, komo apan ayeunamah henteu sakur masjid bogaeun bedug, bedug teh kosi deukeut jeung hirup kumbuh balarea sahenteuna dipake keur nuduhkeun waktu. Angot dina bulan puasa mah apan sok nu di tungguan teh bedug magrib. Aya deui istilah "Ngabedug" buburuh nu waktuna ngan nepi ka wanci lohor.Ari paribasa "ngomong sabedug sakali" sok dipake jang ngagambarkeun jalma nu carang takol, langka nyarita deui. "Jauh kabedug angang ka dulag" sebutan keur jalama nu urang kampung nu dianggap euweuh kanyaho. Daripada mikiran soal bedug mending piknik wae ka Pantai Karapyak.........

Tidak ada komentar:

Posting Komentar